TEUTEGEUS TUR
TEUTEUGER
Kacaritakeun hiji istri anu sakitu sugema kanu janteun guruna. Manehna
sok rajeun indit ngalengkahkeun katempat pangajian. Didinya manehna ngarasa
boga kabagjaan hate ceuk manehna sorangan.
Manehna sok rajeun tatanya kanu jadi guruna,menta papatah nu ngandung elmu. “ sanajan kuring loba kapeurih, tapi teuteup
eta guru kuring anu kudu diajenan, pari basana padu burung kalakuanna tapi hiji
elmu anu sakitu kukuring dimulyakeun sok sanajan eta elmuna ngan ukur
sakeclak”. Pikirna si Fatimah dina hatena. Cek manehna sorangan bari noroweco
dina hatena, “ unggal tiap ningali
manehna kuring ngarasa teu ngeunah asa disapirakeun, nya kuring ge mikir,
kuring sakieu ayana” . Bari keclak
eta cipanon dina panonna si Fatimah ngaheulas, “ na.. hirup kuring the meuni asa kieu-kieu teuing, ya alloh gusti anu
agung hampura kalakuan abdi anu tos dipidamel ka batur,kie geuning rasana”.
Hiji waktu teu ngahaja eta si Fatimah ningali hiji lalaki, anu keur
ngabonceng awe-awe dina motor bodas. Kabeneran ningang harita, hatena pejet
rajet kawas anu digenjet ku batu beurum. Tuurna raronjod siga anu rek coplok,
awakna rarngsak teu puguh siga anu euweuh tanagaan, beungeut anu pias jeung
panon ramisak siga anu hayang ngaluarkeun cipanon bari ngagoak. Kersaning gusti
anu agung, manehna geus kudu dipanggihkeun jeung lalaki eta. Si Fatimah ngomong
dina hatena “ kuring kudu ikhlas ningali
kaayaan kie, tapi kunaon kuring beurat ningali manehna ayeuna kieu,kuring teu
nyangka manehna bakal kieu, kuring geus percaya kamenhna, naha beut kie, kuring
moal rido nepika iraha oge lamun manehna kaitu awe-we disaruakeun siga kuring
baheula jeung manehna. Tapi kunaon kuring teu bisa poho, heeuuh kuringge
ngarasa boga salah, kuring pernah nitah manehna ningalkeun kuring, tapi kuring
boga sabab laina jang ukur kasorangan, tapina kuringmah ningali kolot manehna
sorangan anu teu doa ka kuring.” Si
Fatimah ngarasa nalangsa waktu harita, bari nyarita kanu jadi lanceukna,
beungeut anu ngusahakeun behbar siga teu ngarasakeun nanaon. Si Fatimah ngarasa
bingung “lamun urang mikir kadinya
urangmah sok jadi embung ningali deui manehna, tapi sisi laina etateh guru
urang anu kudu dipiajen ku urang, urang nyadar lamun mikir kadinya, nya
kenbaelah,nu enggeusmah enggeus we, kudu bisa narima dihentu-henteu oge”. Nya
kitu deui, si Fatimah ngalengkahkeun anu niatna ngaji kaimah guruna.
Ningang dina hiji poe, si Fatimah teu ujug-ujug hayang milu liar ka
lanceukna, anu erek indit ka kota. Ditengah jalan, si Fatimah ditemongkeun eta
beungut awe-awe anu keur dibonceng kulalaki eta dina motor bodas, kawasaning
gusti anu maha agung. Kereteg hate si Fatimah anu ngecap ku biwirna sorangan
kaijabah. Bari hate rewash, jeung awak rangsak katut kajero tulang
rusukna,ngajedud kana sirahna. Panon si Fatimah ningali eta awe-awe, anu bohay,
buled, bodas sabari nagkeup kaeta lalaki. Hate si Fatimah, teu aya bedana ngan
saukur bisa ngaheulas “ hemmm ya alloh”
bari ngecapkeun eta si Fatimah. Si Fatimah, ngarasa bingung deui kudu kumaha
asa beak karep. Ku niat awalna eta si Fatimah jeung pamaksadanan milampah eta
ngaji. Si Fatimah teu eureum-eureum, kabingung eta disebredku tekadna boga
pamaksudan anu kacida alusna, nyaeta hayang miluan ngaji ngariung mumpulung
jeung batur anu ku manehna asa ngarasa kalawarga sorangan.
Manehna anu ngarasa hirup sorangan, jauh ti kolotnakomo bari jeung
ditinggalkeun maot ku inungna, cicing diimah lanceuk anu geus lakirabi. Katut
kageugeuringan mikiran hirupna sorangan, padahal saha anu teu nyaah kulawargi
kanu jadi dulur. Kusabab manehna, ngarasa ngarumas tisaprak ditingalkeun maot
ku inungna, manehna ngarasa kaluman euwueh tempat pangbalikan. Tisaprak manehna
gearing, sareatna diubaran ku anu jadi guruna sorangan, manehna ngarasa boga
kaluarga saking geus deukeutna jeung merhatikeun kemanehna keur waktu manehna
gearing. Tidinya manehna dibere ujian anu sakitu beuratna, sahingga manehna
ngarasa bingung, pikiranna bencalang benclung kosong momnapolong. Anu akhirna
manehna jadi pisah, lila teu amprok jonghok jeung para saderek guruna.
Teupika kieu wari nungaran si Ftimah tetep ngajenan jeung nyugemakeun
kanu jadi guruna, teu laina sing horengteh etateh mantanna.
Lamun bae kuring
dipanggihkeun,
Dina waktu anu sejena,
Kuring teu bisa
ngecapkeun.
Ngan kur bisa menta
pangrido
Ti gusti anu maha suci.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar