DRAMA SUNDA
By. Maryam Zulkarnaen
KADUHUNG
4 orang ( icih,
icah,kokom jeung ocih )
Ayang-ayang gung, ari gung
goongna kentrung
Yampak ngarariung, ngagondang di
saung lisung. 2 x
Sukan garumbira, ari rampak
mararidang
Dang ding ngahariring, hariring
ka para mojang. 2x
Icih : Mana iyuh-iuh
tanjung….
Icah : dina
kalangkang katapang deuh…..
Kokom : ngentrung
lisung nu ngagondang…
Ocih :
ngahudangkeun jiwa pajuang…
Bareng : soloroprang – soloroprang, sorolok ear kolontrang.
Barudak arulin
diburuan ngagaranengkeun, Itoh, Ita jeung Euis. Si euis anus ok beuki ceurik,ku
si Itoh jeung si Ita dijailan.
Ocih : euleuh-euleuh eta barudak ! Mun enggeus
ulah sik hareureuy,mending bantuan Inung anguranmah nutu beas geura.
Puguh-puguh aya keur ngejo !
Icah : heuuh nya.. barudakteh teu beunang di
peupeujeuh ! nyaho pan kolot the keur nutu, melaan ngejo !
Icih : atos-atos kadaritu barudak, tuh bade
amengmah dipalih ditu tong dibelah dieu ngaganggu.
Kokom : heueuh nya… garandeng mantangul mah.
Itoh : eeeh eta ema-ema meuni barawel.
Ocih : he…h eta budak saha meuni alus kitu ?
Itoh : budak kokom kunaon kitu hahaha….
Kokom : aduh eta budak ! kawalat siah kainung kitu.
Itoh : aduh eta ema meuni bahenol !
Nu lainna bari nahan seuri, ningali ceu
kokom nagmbeuk ka budakna.
Icih : heup ah !
Yu batur urang kalisung, urang makayakeun indung.
Icah : nutu bari ngahariring..
Ocoh : kawihna kawih sunda..
Icah : nutu ku halu karuhun.
Bu Ustadzah datang.
Ustadzah : geus anggeus nutu,meurun aya
keneh waktu. Halu jeung lisung anu makayakeun indung. Yu batur-batur,urang
nyembah kayang agung.
Dur adan lohor. Toroktok dur-dur-dur bedug
disada.
Itoh : baraeung dating waktu
lohor, ibu-ibu ngadon maloor, katingaleun solat lohor nu kitu jelma sakalor.
Ita : duh maneh eta
kawalat seteh. Bisi kadengeun ku bu ustad,haying dijiwir deui geura !
Itoh : ha-ha-ha. Dijiwir we
biwir maneh !
Euis : heup ah, sok nuluy
maranehmah.
Itoh : ganeug ah maneh tukang
lewweHH…
Si Ita nyengseurikeun, jeung sieuis kerung.
Siitoh ngarasa puas. Teras,barudak arindit kasakola agama.
Ustadzah : asalamualaikum Wr. Wb.
Murid : waalikum salam Wr.Wb.
Ustadzah : yeuh barudak, wartoskeun ka ema
sareng ka bapa. Yen ngke malem jumaah di madrasah iye bade aya rajaban ya..kade
hipawartoskeun..
Euis : ya bu kedah yandak naon
?
Ustadzah :yandak naon wae etamah, teu
langkung.
Euis : bu abimah bade yanadak
kueh ya.
Ita : ah.hahaha…huuh da sieuismah tukang
kueh..hikhikhik..
Itoh : lain kueh etamah seteh
LewwwehHHh…
Barudak kabeh euwuh nu teu seuri, ningali
kalakuan si Itoh ngaledek babaturanna.
Rajaban di madrasah, pinuh ku mustami anu
daratang, ngupingkeun ceramah bu ustadzah.
Ustadzah : asalamualakikum Wr.Wb.
Eling-eling mangka eling, rumingkang dibumi alam.
Darma wawayangan
bae,raga taya pangawasa.
Napsu numatak
kaduhung, badan anu katempuhan.
Kajar-kajar kali
jati, cangkaleng caruluk ngora.
Diajar masing
gumatri ulah weleh lara wora.
Ari rangkak
paripolah, sagala jadi ibadah.
Budi parangi
someah, kaitu kaie nyaah.
Rikrik gemi kana
duit,hentu royal henteu medit.
Reuseup nulung kanu
alit, pantrang tina lampah medit.
Wasalamualakikum
Wr.Wb.
Mustami rarecok marulang. Bari maraca
solawat..
Solohurobuna
alanuril mubin ahmadal mustofa sayidilmursalin.wa’ala alihi wasohbihi ajmain……
Isuk geus dating, sora kong korongok disada
pas ningang adan subuh.. nu pupujian disada..
Bareng dating
waktu subuh, ibu-ibu kalah nyaruguh.
Katinggaleun
solat subuh, nu kitu bakal lalabuh.
Aduh-aduh… solat
subuh atuh…
Ceu kokom ngahudangkeun si Itoh.
Kokom : toh, itoh hudang bisi
kabeurangan yeu geus satengah tujuh, kumaha nya budak the di geuing-geing the
teu hudang-hudang.
Ningang jam 7, si Itoh hudang. Bari
heuay,rametek kucileuh, jeung dahdir dina pipina.
Itoh : ah emamah meuni teu
ngahudangkeun jadi kabeurangan sakola.
Kokom : euleuh-euleu eta nyai meuni
alus kitu. Bosen ngahudangkeun nage, manehna teu benta-enta.
Itoh : ah teuing ah…
Kokom : eeeh make jadi ambek-ambekan
kitu nya budakteh,kitu geura sigep ah. Tah kumah naonna huntu meuni bau kitu !
Di sakola, torojol datang si Itoh
kabeurangan.
Itoh : ( ngagedoran panto
kelas). Asalamualaikum, punten bu kasiangan.
Guru : punten-punten geus puguh
heuuh kabeurangan, buru asup sok dianggerkeun ah manehmah.
Itoh : ( kekelemesan ).
Guru : mana PR na Itoh?
Ceuk piker dina jero hate si
Itoh. Bari nengan alesan..
Itoh : siap bu, kela dimana
nya tadi the dibawa.. wah bu poho teu kabawa…
Guru : ah bosen ibumah ngadenge
alesan manehmah basi.
Ita : manehmah ngerangeun
wae..
Itoh : huuh da meneh teu
ngabantuan urang.
Ita : urang ge niron ka
sieuis..
Balik kaimah si Itoh nengan indungna.
Itoh : ema-ema..
Kokom : yeu keu nutu.
Itoh : ma menta duitlah ?
Kokom : manehmah sok ngababrikeun.
Itoh : pan ma rek sakola
agama atuh !
Kokom : jung cokot duita dina
hanapeun baju, ngan kade ke balik ema pang meulikeu kayu putih kawarung Ocih
heueuh.
Itoh : heuuh.
Bareung ningali dina dompet inugna, pinuh
ku lembaran duit beurum. Nu asalna rek nyokot 2orebu. Si
Itoh wawanianan nyokot dua
lambar duit beurum.
Itoh : wah siema loba duitna
euy. Cokot ah moal nyahoeun iyeuh.
Gancang carita, siitoh indit nyamper
babatuanana.
Itoh : ta ita.ita..
Ita : uy,maneh sinarieun
uy nyamper.
Itoh : urang ulin yuah,
kapasar malem di hareup. Urang boga duit yeu.
Ita :ari maneh eling teu
Itoh.?
Itoh : eling atuh seteh,
matak nyamper maneh ge.
Ita :maneh dibere duit
link u inung maneh, da urangmah sieun dicarekan uy menta duit na oge.
Itoh : hueueh ti urang
bae,maneh bebejana rek sakola agama we..
Ita : hayu atuh.
Teu lila norojol si Euis.
Euis :hey maneh rek kamarana
laina sakola agama.
Ita :maneh ngilu moal is
ka Pameran ?
Itoh : ah si euismah daeknage
diajak ngerjakeun tugas.
Euis : eh maneh diajar
kitu,bejakeun geura ka bu Ustad.
Itoh : nya meneh mah ita,make
ngajak si Euis pasti moal daekeun. Kieu is urang the dititah ku inung urang,
nitah balanja loba bisi teu percayamah piraku urang dibere duit gede-gede,maneh
ge nyaho pan inung urang siga kumaha.
Euis : kade ah maneh
ngawadul..
Itoh : heuuh urangmah teu
wadul.
Ita : heuuh urang ge
dititah nganteur is, matk urang daek ke pang bejakeun we ka bu ustad izin kituh
heuuuh.
Euis : heueuhlah.
Sakola agama bu ustadzaha ngabsen.
Ustadzah : asalamualaikum Wr.Wb. euis
kamarana si ita jeung si Itoh ?
Euis : izin saran bu.
Ustadzah : eta budak keur maeukeur the
haduh….
Klinik bidan,loba pasen nu daratang.
Bidan : manga calik, aya keluhan naon atuh ibu ?
Pasen : iyeu bu bidan, lamutteh
karaos wae bilih kumaha onam ka si utun..
Bidan : oh sok geura urang parios
heula.
Pasen : manga.
Bidan : ah teu kunanaon, yemah
kacapean kedah seuur istirahat.
Unggal datang pasen
ka manehna, teu beda jawaban kitu. Dina hiji waktu, bu bidan manggih hiji pasen
teu lain nyaeta inungna sorangan ceu Kokom.
Bidan :
ma kunaon kadieu ?
Kokom :
euleuh-euleuh .. matak kadieu the gearing, da mun cagermah reknaon nu
diubarana.
Bidan :
kunaon ma ?
Kokom :
lain pan basa harita dibere obat kumaneh teu nyalahan kitu ?
Bidan : piraku atuh mah nyai
nyalahan,pan nyaho nyaiteh meunang nyakolakeun ku ema ka akbidteh, ah siemamah
so kaya-aya wae. (jero hatena. Waduh keurmah heueuh the urang ngajieun tugas
ahirnage ngulikeun ka batur)
kokom : laina emate nyeri cangkeng,
sanggeus ema dibere bat kumaneh the jadi nyeuri beuteung !
Bidan : ah da salah ema
sorangan,puguh nyaiteh tukang ngaborojolkeun orok,lain spesialis cangkeng.
kokom : heueuh pan sarua
dokter-dokter keneh.
Bidan : beda atuh ma, pan aya
tugas-tugasna.
kokom : oh heuuh atuh, terus kudu
kumaha ema.
Bidan : ayenamah ema kadokter .
yeuh iyeu ku nyai dibere duitna.
Ceukokom nu jadi inug bidan lanceuk si Itoh, langsung indit harita
keneh kadokter. Teu lila waktu nyerelek, loba jelema nu ngariung, ningang dina
waktu satengah genap peuting. Sora
jelema nu sakitu recokna.
Ita :
toh ningali yu itu aya naon meuni riweuh.
Itoh :mpaling
nage nu cilakaan.
Ita :
buru tuah urang panasaran.
Itoh :
henam atuh.
Bareng ningali eta
pamenteu nu jadi inung, bari nutup panona jeung pinh ku geutah beureum.
Itoh :
Ema…. !
Tihoncewang nu ngaran
si Itoh ngajerit maratan langit, kaduhung kulampah anu geus dilakukukeun ka inungna. Teu lila,inungna di
bawa karumah sakit, kawasaning ku alloh teu beunta deui panon salamina.
Kaduhung nu jadi dua anak awewe, teu eureun-eureun,teu bias nanaon kawas haying
ditewak heulang.
Maca Ku saurang : Lur…
Sakakari mere marahmai ci soca nu matak ngageunag.
Lur… sakakari balik ka inggis reretan panon geus peureum.
Lur… sakakari ngarempok pokna
ajieun ku kurana.
Lur …Sakakri nyaangan dina hiji
wanci nu poek.
Kawasaning gusti anu maha Agung.
Bareungan : Leuy-leui leui-leuleuy-leuleuyan,
tur kajalan tempat tidur jaipong.
Leuy-leui leui-leuleuy-leuleuyan.
Laga anu pinter padahal kosong
olompong, nungedul-nungedul tangtu jadi
jalma bodo.
Abso lale-lale.abso lale-lale.
Solale-solale. Wau-wau –wae.
Saurang :
Saha eta anu caralohok.
Bareungan : Nu nongton !
Saurang :
Panon teu ngiceup kaos simeut.
Bareungan :
Jabrig !
Saurang :
Harewoh-harewos bojong.
Bareungan :
Gorowong !
Saurang :
kadengeun ku man glebe.
Bareungan :
keunbae !
Saurang :
tuh manglebe seuri bae seuri
Bareungan :
colohok !
Saha nu hajat,
naha hajat naon. Hajat kawinan loba nu
nyambungan. Ha-ha-ha. Heuheuy deuh isukan ge hayu pisan.
Sapu nyere
peugat simpai, bakal kalkon. Takdir tigustiang widi, bakal kasora.urang rek
papisah, urang rek pajauh, meumpeung deukeut hayu urang sosonoan.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar